|
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Langkung tipayun, kasadaya wargi-wargi Keluarga Besar Bapa Aki-Embok Cilalay-Cijulang ; Ua, Emang, Bibi Akang, Aceuk, Adi + Alo, neda ageung sihapunten réhing dina penyusunan Silsilah Keluarga Besar Bapa Aki-Embok Cilalay-Cijulang ieu, tangtos seueur kakirangan sareng kalepatan, terutamina pisan mah dina nyerat jenengan/nami. Dina Silsilah Keluarga ieu, jenengan/nami téh diserat anu pondokna atanapi nénéhna atanapi panggilan (julukan) anu tos dikenal waé. Sapertos ; Otoy (nami aslina YOYO YULIA), Ii, Oop, Yoyoh sareng anu sanésna. Sakali deui hapuntenna.
|
|
salengkepna...
|
Anda diminta login atau registrasi dulu, untuk posting komentar. Diskusikan posting/artikel ini di Forum (0 posts)
|
|
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Barang bréh ningal Buku ieu, nu judulna Silsilah Keluarga Besar Bapa Aki, emmh... Alhamdulillah Gusti, geuning bet jadi laksana ngabukti kahoyong téh ijabah, da puguh enya ari ka ngaran keluarga Bapa Aki téh ngarasa reueus. Ku kacintaan Otoy (Yoyo Yulia) ka keluarga Bapa Aki, dibarung ku rasa bakti, leukeun nyusun jeung ngumpulkeun bahan bari teu sabulan tapi mangtaun-taun, kacipta tanggelna, nyelang-nyelang tina kasibukan hirup sapopoé, ari keyeng mah ahirna bukti ngawujud. Pantes atuh kakuduan Neda Ka Gusti... Ya Allah, mugia masihan ganjaran, rahmat, barokah, kanikmatan dunya akhérat nu ageung ka Pun Adi, Otoy (Yoyo Yulia), tina jasana ngawujudkeun ieu Buku. Amin. Perkembangan zaman kiwari lembur karuhun Cilalay (ayeuna Sirda), geus teu jadi pamatuhan nu kumpul riung mungpulung, tapi geus nyebar mencar séwang-séwangan, dimarana mah matuhna ngumbara, sabaraha mah putrana, sabaraha mah incu jeung buyutna? Duka...
|
|
salengkepna...
|
Anda diminta login atau registrasi dulu, untuk posting komentar. Diskusikan posting/artikel ini di Forum (0 posts)
|
|